KURING jigana teu nengetan, yen hirup kuring di ieu kota teh ngan saukur ngumbara, nu mawa sabeungkeut cita, neang kahirupan nu leuwih pikaharti tibatan nalika cicing teu puguh di lemah cai tempat kuring mimiti dimengparkeun ka alam dunya.
Kacida era basa ningali deui poe-poe katukang, sagala hasil tina eta wayah teu beda jeung kalangkang, leungit mun kadatangan ku sagala nu caang mencrang. Jadi hayang nanya bari nampiling ka diri sorangan; na ari sia ka dieu teh dina rangka ulin kitu, darmawisata hahahaha bari jeung asal nyatu? Kuring poho yen sagalana kakara jadi pitunggaraeun mah mun geus karasa nu ngarana hanjakal; na lain ti kamari kuring teh kitu, na lain ti semet poe eta kuring teh kieu, na eta kasempetan make diantep, jeung saterusna nu matak pianjingeun mun dipapay. Inget urang can tangtu masih korejat hudang poe pageto, tapi eta nu ngarana boloho sumpah pikaeraeun mun ditenjo, wal ‘ashr, ampun Gusti!
Teuing jigana mun hirup teh kudu kitu, jelema karek bisa ngimpleng naon sajatina tujuan manehna “a-ya” teh mun geus kateunggeul ku nu ngarana kanyataan. Langit teu salilana biru bulao endah ditenjo, reeuk teu salilana bodas nyacas kawas bubur lemu, poho deui yen hirup teh cakramanggilingan. Nyiapkeun sagalana mun bentar datang hujan kasorang angin ngarewog, eta perkara nu kudu dititenan, sangkan mun aya nanaon teu hariwang, nu tungtungna mah kokolosod ngabaung jiga jalma sarap bari jeung heeuh protes ka Nu Kawasa.
Kuring jadi inget basa poe harita ngiluan pasanggiri di Balai Bahasa, kacida reueusna eta hate meunang, narima hasil tina bobokot kesang meres pikiran, sangkan bisa nenjokeun ka kolot di imah yen kuring teh bisa hirup tina impenan kuring anu pernah ku kolot digembar-gemborkeun bakal piceudeumeun. Tisaprak kuring dalapan kali tutuluyan meunang rengking kahiji ti SD teu meunang nanaon olohok sugan-sugan buku hiji dua mah, teu, ngan saukur piagam nu bisa pupul kacipratan tai cakcak, tuluy SMP nincak ka SMA karek meunang deui eta gelar jawara sakali-kalina, teu meunang nanaon iwal ti sakedar kapait nu katarima, ngan mimiti kuring nincak di ieu Bandung nalika meunang eta piala runner-up sa-Jawa Barat, kacida bungahna kuring. Man jadda wa jada, bener eta paribasa.
Tuluy basa aya deui pasanggiri nu lian, ngabedah cerpen-cerpen di hiji situs guru bahasa, kuring meunangkeun hadiah kahiji ngelehkeun sastrawan nu geus lila jam terbangna, tuluy dikabarkeun deui ka kolot tah ieu hasil tarekah kuring, bari sawareh duitna kop ku kuring dibikeun dina rangka hayang babakti, sawarehna deui bisa dipake ngajajanan babaturan, dua mahasiswi UPI, bari jeung teu loba-loba oge da atoh karasana. Pisan eta hirup karasa produktif, galungan jeung sapopoe. Tapi teuing samet iraha, sumanget kuring endeur. Sagalana sarba teu eces deui jang naon kuring ngalakonan nu kitu deui jeung kitu deui teh, tepi ka ayeuna.
Na kuring aya duriat di ieu tempat ka salah sahiji alamat? Kacida burungna mun heeuh! Jigana kuring kudu ngeunteung deui; na kuring boga naon, neang-neang nu mahiwal?! Leumpang masih can aya saparapat galur, geus meunang naon! Tingali kertas portofolio kahirupan, na geus bolokot ku daptar prestasi?! Teu ecreug mun ngandelkeun comel aksara mah, da hirup teh lain saukur tulas-tulis. Kurung batok mun teu bisa neang buruan nu liyan, matak pantes kahayang nuluykeun kuliah tara pernah kalaksana, da teu gableg kabisa jeung kahayang neang cara.
Ayeuna kuring geus nyoba merdeka tina kahayang nu teu mantes dina umur nu teu walakaya nahan beban eta rasa. Rasa naon? Duriat pipanyakiteun. Naon sabab, kusabab moal salilana nu boga tujuan di hiji perjalanan bakal lila-lila di warteg, nu ngan saukur nginum wungkul.
Geus meujeuhna kuring mariksa deui agenda nu geus lila kaeureun. Geus wayahna nga-re-niat jeung netepkeun jugjug ahir nu kudu dibeunangkeun samemeh dipegat Izra’il di tengah jalan. Leungitkeun eta rasa jeung rumasa, sabab teu pernah diajarkeun silaing sosobatan jeung dunia kitu, kajeun engke sakalian mun geus meunangkeun dunya katut eusi-eusina, hal leutik kitu mah bisa ngilu kabeunangkeun, jeung sangkan bisa jongjon nyanghareupan poe ngabuburit dina katengtreman.
Batununggal, Bandung Tengah, 16 November 2009
Wanci janari.
Sababaraha poe katukang sim kuring diajak ulin ngurilingan kota Bandung, Tapi bet pikaseurian kusabab eta babaturan nulain asli urang dieu leuwih apal seluk-beluk, bulak-belok jeung lebah manana tempat nu dituju hik….
Memang ku wanci kiwari mah lamun teu bisa nuturkeun jaman mah bener-bener katinggaleun pisan. Boh tina informasi atawa nu sejena akibat pesatna kamajuan teknologi. Hal eta bisa ditinggali dina parobahan-parobahan nu aya di sabudeureun tempat mondok moek nu taya lain nyaeta imah (ngaku-ngaku boga imah padahal henteu haha..).
Nu sabenerna mah apal mah apal ketah kana tempat tujuan harita teh, mung can pernah nincakeun suku ditempat eta ku ayeunakeun (baheula mah nya kasebut sering oge tapi tacan robah sagala rupana) akibat ieu indung suku hese pisan dilengkahkeunnana keur sakadar ulin ngaler ngidul, bener-bener asa siga paribasa “beurat ku bujur” harese rek incah kamana-mana.
Teu pira tujuan ka eta tempat teh mung sakadar rek lalajo, dahar jeung ngopi asalna, tapi sanggeus rengse eta kabeh niat aya tambahanana; “hayu urang jojorowokan” celetuk salah sahiji babaturan teh, nyebutkeun ngahaleuang mah kurang pantes sigana da teu ahli kekek.. Ujung-ujungna ulin nu diniatan sakeudeung teh jadi lumayan lilana oge, mimiti jam dua beurang tungtungna nepi ka peuting ngan saukur lalajo, dahar, nongkrong jeung nangkring di eta tempat. Kunaon bet asa linglung? Sanajan teu wakca balaka (ngan saukur dina jero hate) sabenerna kuring pernah ngarasakeun aya saeuting rasa kalinglung, asa tempat deungeun-deungen kusabab geus lila tara ulin atawa nangkrang-nongkrong kitu heuheu…
Kacida bagjana eta kalimat nu pantes kanggo negeskeun tadi sonten nu tos kalangkungan. Teu ngareka-reka sakedik-kedik acan, Alhamdulillah sadayana ngagambarkeun hate nu pinuh kabungah alias kabagjaan dumeh tadi sonten abdi tiasa pendak sareng wargi-wargi boh nu tos kantos patepang anatapi nu leres-leres sateuacanna teu acan patepang.
Abdi sarengrengan tadi ngaraos kacida pisan bingahna kumargi aya hiji wargi kersa breh-brehan dina ngabagi rizkina kanggo buka saum dinten tadi. Sadaya nu kempel tadi tiasa diyakinkeun teu aya sajalmi oge nu ngaraos nyesel komo deu dugikeun ka sumutut tur jamedud mah ku kameumeut atanapi kadeudeuh hiji wargi eta, anjeuna sakedik ge teu gaduh sifat ngepel kana banda, kayungyun pisan keur mah geulis camperenik, jangkung lenjang, ah pokonamah carogena pasti kacida bagjana ngengingkeunnana. Kayungyun, someah, komo mun tos imut ngagelenyu katinggal pisan kasomeahannana.
Eta hajatan buka sasarengan teh di ayakeun di “Roemah nenek” nu aya di daerah Taman Cibeunying. Dina ngawujudkeun eta hajatanana dibantosan ku wargi caket abdi oge nyaeta Maseko. Nya akhirna kawujudkeun alias janten kanyataan tur ngabalareakeun ka sadayana nu dongkap.
Nu aya dina eta hajatan tadi lumayan seueur, diantawisna Kang Amal, Cep Ihwan, Mas Narapandita, Jang Adit, Neng Fathinanjani, Ceu Sireum sareng nusanesna nu teu tiasa disebatkeun hiji2. Mung aya sakedik hanjakalna, abdi rada telat dongkapna ka eta hajatan kumargi mayunan tamu heula nu ahirna teu nyandak alat kanggo pengemut-ngemut mangrupa dokumentasi. Tapi teu sawios da nu lian aya nu nyandak kanggo juprat-jepret mah.
Dina akhir carita, abdi sareng wargi-wargi nu sanesna mung tiasa ngahaturnuhunkeun ka kasomeahan. Teu hilap ngadu’a mugi2 aya kalanggengan laki-rabina, dipanjangkeun yuswana tur di gampilkeun rizkina, Amin.
Nu gaduh hajat sih moal ngaos ieu seratan kumargi teungartoseun
Cag ah….
Mimitran teh naonnya heu.. rada emut2 hilap yeuh, ah sigana mah sami sareng ngamimitian.
Tos opat dinten abdi mondok moek dinu poek heu… pikaserieun pisan ieu lengkah indung suku teh nya, tapi hate mah ngrasa yakin ieu aya faedah nu bakal kasorang dina sagala pangharepan nu di seja, amiin.
Seratan ieu memang sajedik oge teu aya naoonya istilahna? maksukna teu aya makna nu di candak didieu mung sakadar ngesi postingan nu tos lami teu di lebetan.
Ngarujuk ka mimitran ieu carita hirup ngalalana mere beja ka balarea, heu.. siga nu sok aya ni ninggal wae nya (ah teu nanaon ambon sorangan wae lah hik…), yen sim kuring ayeuna mayunan kahirupan anyar dina rangka ngalalana keneh. Anyarna eta ngan khusus dina lembur nu di tincak, lain anyar dina nu sanesna. Lengkah ieu pinuh pisan ku pangharepan susugan dina babak ieu mah manggih kawalagrian, amiin. Sakitu carita sim kuring nu kasebatna nuju rungsing pusing tapi masih tiasa keneh nyengir heu.. cag ah permios.
Kacida bagjana mung urang ayeuna tos kagungan bekel kanggo di akherat, tapi mun sabalikna cilaka jadina. Saparantos maca seratan sunda blog asa teu pararuguh antara raga atawa jasad jeung nyawana sim abdi ieu. Lain pedah ku ngalakukeun nu teu pararuguh oge, mung asana teh masih seueur pisan kakirangan bekel sim abdi kanggo di alam baka nu pastina dipayunan.
Seratan eta blog asa leres-leres pisan ngenaan kana manah, da memang karaos – katinggalna ku abdi mah eta seratan kagungan hartos sareng manfaat tur faedah nu sae pisan. Kieu seratannana (punten abdi nyalutak kumargi teu nyuhunkeun ijin nyomot ieu seratan sateuacanna, kanggo nambihan wacana ieu blog mugi-mugi tiasa ngareuah-reuah blog nganggo basa sunda he…):
Paralun, lain rek nambahan ketir kaayaan nu geus matak ketir. Ngan dalah dikumaha, loba nu nyebutkeun yen kaayaan saperti nu kalaman ku urang ayeuna teh cenah memper-memper kana ciri-ciri geus deukeut kana kiamat. Tapi soal eta mah teu kudu jadi hoghag parea-rea omong, sabab nu leuwih penting mah urang kudu mikiran kumaha carana pikeun ngungkulan masalah nu jiga teu eureun-eureun. Puncakna basa harga BBM ditaekkeun. Geus kajudi, mun harga BBM naek, hahargaan nu sejen oge pasti naek. Sembako, ongkos angkutan, biaya sakola, kabeh nararaek. Ra’yat ngajerit!
Keur jelema nu baleunghar, nu salieuk beh (sanes salieuk ‘bibeh’), tangtu hal ieu teh moal pati jadi masalah. Tapi pikeun kalolobaan ra’yat Indonesia, ieu teh mangrupa masalah anu gede kabina-bina. Keur mah samemeh BBM naek oge ngawaragadan hirup teh geus seuseut seuat, ari pek teh ayeuna harga BBM ditaekkeun pisan. Moal boa hirupna teh geus jiga jelema teu eling. Digawe cek paribasana suku dijieun hulu, hulu dijieun suku, tipoporose nyiar kipayah, ari hasilna teu sabaraha. Boro-boro nyukupan kana kabutuh sapopoe, dalah jang maraban anak pamajikan oge geus seuseut kacida. Can nepi kana nyukupan ku dahareun opat sehat lima sampurna, dalah sangkan anak pamajikan sareubeuheun oge can nepi. Sual baju jeung nyakolakeun mah komo, beuki dipikiran kalah beuki lendeng kana sirah, bakat ku bingung ti mana neangan tambahan panghasilan.
Rek korupsi, mana korupsieunana. Manasina pejabat atawa anggota DPR anu loba liang pikeun korupsieun, salian ti setoran matuh ti pengusaha teh. Ra’yat leutik mah boro-boro. Awak kuru ngabelaan sakopeun saameun, anak kurang gizi, pamajikan boro-boro bisa dangdan, da ti mana waragadna. Geus kacipta, cape balik gawe, datang ka imah nenjo pamajikan kusut, anak rarugi hayang dahar, boro-boro matak hegar kana pikiran. Nu katenjo sapopoe teh istuning ngan ukur kasusah jeung karudet. Benten sareng juragan nu di DPR. Eta geuning Max Moein oge mani kaboro ngalambangsari sagala rupa jeung awewe nu lain muhrimna. Sugan teh jelema eusleum mah teu bisa jadi anggota DPR. Singhoreng bisa geuning. Jaba, boa-boa lain ngan manehna nu boga lampah nirca jiga kitu teh. Boa ampir kabeh. Naudzubillahi mindzalik!
Tetela Indonesia teh gering! Sasalad mental mahabu. Pamingpin ongkoh-ongkoh dina dunyana sorangan, ngitung bati korupsi bari mikiran ka mana ngawurkeun duit poe ieu. Naha ka si neneng anu rancunit, atawa balanja ka Singapur bari api-api aya tugas nagara: studi banding tea, itu tea, ieu tea? Ra’yat nu ngajerit ampir euweuh soraan teu dipalire, sabab ceuli maranehanana geus puguh nyocokan. Aman, moal ngadenge nanaon. Matana lolong bonconong nepi ka teu nenjo jelema-jelema sakarat alatan lapar! Nu katenjo ngan ukur piduiteun jeung piduiteun, pikeun nyumponan kahayang sungut jeung kahayang si eta. Mun pamingpin geus kitu patut, tong ngarepkeun nagara bisa walagri, jajauheun kana adil ma’mur palamarta.
Hawar-hawar kadenge nu gelo gogorowokan di luar, “Pamingpin gelo, pamingpin edan, pamingpin teu belul ngurus nagara! Teu geura datang atuh Ratu Adil teh, Gustiiiii…!!!”
Kuring ngahuleng bari mikir. Boa enya para pamingpin teh sarua eusleumna jeung nu keur gogorowokan di luar… Boa-boa!
Ngunjukeun rasa nu teu merenah atawa kabagjaan ka nu lian, sakapeung asa berat ngedalkeunnana. Rasa bagja atawa kabungah mun dibeja-beja kanu sejen sieun disangka adigung-adiguna. Tapi lain hal na jeung hate nu teu merenah, boh akibat paningkah deungeun-deungeun atawa paripolah sorangan. Cag ah… tong nyarioskeun masalah hate ka nu lain, mendingan nyaritakeun hal nu aya pakuat-kait jeung kaayaan jaman ayeuna, hampura mun seueur nu teu ngartos ku ieu babasan jeung paribasa he…
Unjuk rasa! Sempat beberapa waktu yang lalu melihatberita di televisi mengenai unjuk rasa, ada yang melemparkan batu dan benda lainnya untuk merusak bangunan dll. Rasanya jadi ingin mengulas juga walaupun hanya sebatas pendapat pribadi yang awam.
Saterasna supados gampil ngartosna tiasa di uningaan di dieu.
Tiga hari yang teramat luar biasa di pertengahan tahun ini, menjadi penutup yang sempurna bagi separuh tahun 2008. Perjalanan yang sederhana tanpa perencanaan yang matang, namun berakhir dengan penuh kesan, padat dengan diskusi dalam hati serta riuh dalam setiap kontemplasi pribadi. Perjalanan mencari sepi, tuk sejenak melarikan diri dari kehidupan sehari-hari. Perjalanan ke Yogyakarta.
Keesokan harinya saya berangkat bersama seorang kawan yang hendak mudik ke kotanya, kota tujuan saya, Yogyakarta, Jogja!!! Berangkatlah kami berdua ke Stasiun Kiaracondong. Di stasiun telah ramai dengan orang yang mengantri di depan loket, lengkap dengan calo-calo yang menawarkan tiket duduk yang katanya sudah habis. “Tiketnya Mas, tiket duduk sudah habis, uang mah bisa dicari, tapi keselamatan???” wah… wah… wah… canggih sekali rayuan calo-calo ini. Tapi sayangnya sepenglihatan saya belum ada yang tergoda, semua berkeras mengantri tanpa membeli tiket mahal si calo. Dan benarlah, ternyata tiket duduk memang habis, saya baru ingat kalau mau tiket duduk memang harus pesan sebelumnya. Ah, tapi biarlah, toh kami memang sudah siap dengan kereta bernama Kahuripan yang lebih senang saya sebut Kahirupan, karena memang sedikit banyak mencerminkan kahirupan (kehidupan) masyarakat umum, saking padatnya kereta tersebut. “Gak papa, Pe? gak dapet duduk?” “Gak papa, Jap.” Katanya sambil mengangguk, memang oke berat teman saya yang satu ini, hehehe. Dan kami pun duduk di lantai menunggu “Kahirupan” itu datang. Masih satu jam lagi.
Kereta datang, hampir separuh lebih kursinya sudah terisi, kami masuk dan mencari “spot” yang nyaman untuk bisa ngampar di lantai, tetapi boro-boro nemu, berjalan saja kami sulit, semua merangsek memenuhi gang antara kursi yang sempit itu. Untunglah kawan saya mendapat sisa satu tempat duduk dari seorang ibu-ibu. Dari empat kursi berhadapan itu, mereka hanya pakai tiga. Istri, sang suami dan adik kecil duduk disisi satu, sementara kawan saya duduk bersama sang kakak di sisi seberangnya. Syukurlah, paling tidak satu diantara kami dapat tempat duduk. Bismillah, kami siap menempuh Kahirupan selama 11 jam yang “penuh” ini.
Kereta berjalan, angin malam menyelusup masuk, saya masih berdiri membaca koran yang sebenarnya dibeli untuk “ngampar” di perjalanan. Dilanjutkan membaca Max Havelaar namun hanya mampu membaca dua bab, dan akhirnya menyerah duduk di bawah dengan alas sebuah koran. Suasana kereta masih “agak” lengang sehingga saya masih mampu tertidur, sampai kereta mulai berhenti di beberapa stasiun dan suara banyak penumpang masuk mulai terdengar, kereta mulai penuh, saya kembali terjaga. Kebetulan kami duduk di bagian ujung gerbong, dekat dengan pintu sehingga terus dilewati setiap penumpang yang baru masuk. Saya lihat di bagian tengah sudah penuh, tidak mungkin diisi lagi, tapi hebatnya pedagang minuman, makanan, cemilan, mainan, bacaan, apapun itu, masih terus bisa bolak balik dengan leluasanya. Hebat? tunggu dulu, ternyata mereka masih bisa jauh lebih hebat dari yang dikira.
Kereta terus berjalan, di satu stasiun saya lihat kereta sudah jenuh sekali, tapi penumpang masih terus masuk, saya jadi ingat kalau sekarang sedang musim liburan sekolah, dan tadi di Stasiun Kiara Condong sempat saya dengar percakapan berikut: “Sabaraha gerbong, ieu?” “Ngan Tujuh” “Euleuh, pantesan meuni pinuh kieu” “Enya, isukan anu dalapan gerbong mah”. Dan sadarlah saya Kahirupan apa yang akan terjadi disini untuk (kira-kira) 10 jam kedepan. Bagian tengah gerbong tidak mungkin dipenetrasi lagi, kali ini beberapa orang bapak-bapak yang masuk terpaksa tertahan di tempat saya terdampar dilantai. Posisi duduk harus diperbaiki, tidak bisa lagi bersila supaya bapak itu bisa duduk, dengan demikian resmi ditutuplah “kawasan saya” bagi penumpang berkarcis duduk di lantai. “Maaf Lantai Habis”.
Mencoba terjaga dengan udara pas-pasan yang direbuti sekian banyak orang disana sama saja dengan menderita. Tidur pilihan bijak yang paling baik bagi diri sendiri, walaupun susah payah juga, posisi kaki berulang kali harus diganti untuk menyeimbangkan rasa pegal di kiri dan kanan, paling tidak lebih baik dari terjaga dan merasakan lamanya perjalanan yang pelit oksigen dan tempat.
Di kursi paling ujung tepatnya di balik kursi kawan saya duduk, ada dua orang bayi yang ikut dalam arus kehidupan yang “kejam” ini. Bisa dibayangkan, suasana kereta yang sumpek, panas, oksigen terbatas, goyangan dari sang masinis yang memabukkan, sampai teriakan pedagang yang tanpa henti bolak dan balik, terus berteriak menjajakan jualannya, tentu bukan kondisi yang menyenangkan untuk seorang bayi. Harap maklum jika mereka menangis, dan sempurnalah keajaiban suasana kereta dengan lengkingan tangisan seorang bayi, kemudian menjadi dua bayi, ditambah sayup-sayup dari ujung sana, ah… sekarang tiga bayi menangis. Kahirupan oh kahirupan…
“Tega kali orangtuanya membawa bayi kedalam kereta sesumpek ini” “Hey, tidak semua orang beruntung dan mampu membeli tiket Lodaya atau Bis Kramatdjati seharga 90.000 rupiah” “hmm” “Mau gimana lagi?” “hmmm… hmmm… Kahirupan…”
Saya salut dengan orang tua-tua itu, sabar sekali menenangkan anaknya. Bisa dibilang sejam sekali anak-anak itu menangis, entah apa yang diinginkannya, tapi saya pikir hanya satu. “Keluarkan saya dari kereta derita ini!!!!”.  Sang ibu kadang menenangkan dengan ucapan “itu tuh liat tuh… aada keraeta? iiiyah? kereta? iiyah?… tuu… jalan tuu..” khas seorang ibu menyenangkan hati anak kecil, kadang berhasil kadang juga tetap menghasilkan pekikan yang memekakkan… sang ibupun gagal, “mau ama ayah? ama ayah?” diserahkanlah anak itu pada ayahnya, kadang berhasil kadang tetap pekikan yang terjadi, “Nih ama ibu nih ama Ibu” sang ibu tampaknya mulai kehilangan sedikit rasa sabar, terbukti dengan pertanyaan agak menekan. “mau apa kamu? mau apa?” “uaaaaaaaa” “mau apa bilang mau apa?” “uaaa!!! nyenyennn” “ooh, nenen…”. Glekkk… menyusui?! disini? ahh, sebaiknya saya tidur saja… :p. Kahuripan…
Bisa dibayangkan kalo setiap jam anak itu menangis, dan setiap menangis ia minta disusui, berapa kali ibunya harus menyusui di kereta sepenuh dan sebanyak orang itu???…. Dan pedagang-pedagang masih saja bolak balik berteriak: “Nasi ayam tiga ribu, nasi ayam tiga ribu” atau “kopinya kopi, popmie, aqua”. Sementara itu di kursi sana kawan saya dengan asiknya mengipasi anak ibu yang memberinya duduk dengan Reader’s Digest-nya. Sang anak tampak kepanasan, saya tidur dan bangun, sampai bangun yang keberapa saya lihat sang anak sudah tertidur dengan kepala bersandar dikaki kawan saya. Ia masih setia mengipasinya.
Kereta berhenti, kali ini saya mendengar riuh penumpang akan masuk hanya saja terasa lebih ramai, rasanya sudah memasuki Jawa Tengah, karena logatnya sudah berbeda. Benar, masih ada penumpang yang masuk ditengah malam atau dini hari tersebut, dan lebih banyak lagi!!!??? Kahuripan!!! Kamu ngetop sekaali siiii….! Kali ini yang saya liat merangsek masuk seorang ibu paruh baya berkebaya berlogat Jawa medok, membawa seorang anak kecil dan satu lagi seorang anak gadis yang tak dapat saya lihat wajahnya, posisi saya terlalu rendah dan ia berdiri membelakangi. Sudah dibilang sebelumnya bagian tengah gerbong penuh, tak mungkin dipenetrasi lagi, dan lantai sekitar saya habis untuk duduk. Maka, berdirilah Si Ibu dan Gadis, sementara anak kecil diberi duduk oleh seorang penumpang, masih muat karena badan kecilnya. Sementara Si Ibu dan Gadis? tentu saja berdiri, dan perjalanan rasanya masih sangat jauh. Menghabiskannya dengan berdiri dirasa tak mungkin bagi sang ibu, jurus pun dikeluarkannya, dengan Bahasa Jawa “Bu, bisa geser ndak? saya mau duduk”. Dijawab dengan logat sunda “Aduh, maaf anak saya ini teh lagi tidur, kalo digeser nanti bangun”. Si Ibu keluarkan jurus kedua: “Seddikit aja, geser”. Dibalas sengit “Si Ibu teh meuni maksa pisan, kasian anak saya teh lagi tidur, itu bapaknya aja ampe pindah ke situ (sebelah kawan saya), nanti bangun”. Si Ibu pun menyerah dengan kesal “Peditte…”. Jurus Gagal! Tapi kereta ini mengajari saya hal lain lagi, sang Ibu ternyata masih belum menyerah, ia melirik mencari celah-celah kursi lain yang bisa digeser agar ia bisa duduk. Dan ia melihat selah itu di kursi persis dibalik orang yang tak mau memberinya kursi tersebut. Orang itu ialah si ibu menyusui, bayi yang cengeng dan ayah yang sabar. Jurus yang sama dikeluarkan kali ini pada ayah yang sabar tersebut: “Mas bisa geser ndak, saya mau duduk”, lagi-lagi dengan logat sunda “Aduh, saya bawa anak, Bu. Ini juga nangis terus dari tadi, kalo gak bawa anak mah saya udah diri dari tadi”. Si ibu pun kecewa, tak seorangpun sudi memberinya tempat duduk barang seiiiiprit saja. Sementara perjalanan masih panjang, Ah Kahuripan memang kejam… dan pedagang masih terus berlalu lalang “mizone… mizone… aqua dingin… aqua dingin… permisi… permisi… mau lewat.. maaf mas… mau lewat”. Grrrrr!!!!
Malang benar nasibmu, Ibu. Terlihat dari raut kecewamu itu… sampai sang “pahlawan” itu “datang”. Dia adalah Noviantari! kawan saya… Ia tiba-tiba menggeser duduknya karena anak kecil yang sedari tadi bersandar dikakinya sudah digendong ayahnya dipinggir jendela, jadi kini ada ruang untuk si ibu, sedikit. “Terima kasih sekali mba… terima kasih sekali…” ucapnya senang dan lega, kata ‘terima kasih sekali’ terus diulang-ulangnya, lalu kemudian: “Semoga perbuatan baiknya mendapat balasan yang sesuai, Terima kasih sekaliii”. amiennn…
Si Ibu dapat duduk,  namun Si Anak Gadis masih terus berdiri lama sekali. Gelesot di lantai membuat kaki harus sering diinjak setiap orang yang lewat, terutama pedagang-pedagang yang setia bolak dan balik.  Kereta ini merupakan kereta dengan kasta terrendah di kelasnya, maka ia harus mengalah setiap ada kereta dengan kasta lebih tinggi yang akan lewat, atau akan menyalipnya. Masa-masa menunggu kereta lain lewat atau menyalipnya itu lah masa-masa penuh cobaan dan ujian kesabaran. Masa-masa kereta diam berarti masa-masa tiada angin yang masuk, masa-masa oksigen terasa semakin sedikit, masa-masa udara menjadi panas, masa-masa bayi-bayi kembali menangis, masa-masa tidak bisa tertidur karena nafas sesak, keringat mengucur, telinga pengang, dan kaki terus diinjak pedagang yang lewat. Masa-masa yang harus dilewati beberapa kali dalam perjalanan Kahirupan ini.
Kahirupan terus berlanjut, dan potret-potret kahirupan lainnya terus berkelebat selama perjalanan. Potret lain adalah seorang ibu hamil yang harus jalan sangat jauh untuk pergi ke toilet di ujung gerbong. Ia susah payah melangkah melewati daging-daging hidup yang bergelesot di lantai. Wajahnya pucat, tampak menahan mual, tangannya memegang perut menjaga si jabang bayi didalamnya. Suaminya mengikuti dari belakang, mereka berdua berjalan tanpa sandal, tampaknya tidak ingin mengotori daging-daging yang mereka lewati. Sampai di ujung gerbong (dibagian pintu keluar tepatnya), mereka masih sulit melangkah karena “kapling” itu juga penuh. Dan ia masih harus menunggu toilet yang sedang terisi sambil menahan mual dan menjaga si jabang bayi.
Karena dekat dengan toilet tempat saya duduk seringkali menghirup udara pesing yang memusingkan, seorang ibu dan anak-anaknya tiba-tiba memaksa merangsek masuk ke gerbong karena tak tahan duduk di dekat pintu toilet, tak peduli di dalam ia tak dapat duduk, asal ia tak mual lagi menghirup udara pesing. “Geus teu kiat aaaah, baau hangseuuur!!!!” Mau bagaimana lagi, cuma kereta ini yang harganya hanya Ro.26.000 untuk perjalanan Bandung-Yogyakarta. Pilihan untuk orang-orang yang tak punya pilihan lain.
Kahuripan, kereta cermin kehidupan. Penuh potret yang memperlihatkan realitas kehidupan masyarakat kelas tertentu. Cermin realitas sosial akan kebutuhan transportasi yang layak masih jauh dari genggaman  masayarakat golongan tertentu. Indikasi bahwa sarana umumpun masih berpihak pada orang-orang “punya”. Dan mirisnya transportasi hanya sebagian kecil dari berbagai sarana lain yang juga belum memihak pada golongan kelas bawah. Semoga tidak berhenti sampai disini saja pengembangan sarana dan prasarana publik kita. Cukup bayi sekarang yang harus menangis kepanasan di dalam kereta, cukup sekarang seorang ibu harus berusaha keras untuk bisa duduk di kereta antar propinsi, cukup sekarang manusia harus berjejal di dalam kereta yang sesak kurang dengan udara. Cukup… Yang terhormat Menteri Perhubungan Republik Indonesia, Kepala PT KAI, akankah ini terus begini? Semoga tidak, amien…
Perlahan mendekati Jogja, beberapa penumpang beringsut turun. Namun itupun kurang signifikan, karena sebagian besar memang akan turun di Stasiun Lempuyangan, Yogyakarta. Stasiun tujuan saya. Dan pukul 05.30 kami dapat menjejakkan kaki kami di Jogja, saat langit mulai terang dan udara masih terasa sejuk. Saat saya dalam hati berkata, “Akhirnya Sampai Juuuga…. JogDja!!!”
bersambung
I don’t like Monday!
Cikan ku kuring rek dirampaan pihartieunana susuganan karampa. Kunaon atuh baraya bet ceuceub ka poe Senen? Naon salahna poe Senen?
Eta tuda ari ngamimitian gawe teh kapanan poe Senen, ngamimitian tihothat ngahanca pagaewean teh ukur poe Senen, jalanan macet taya papadana iwal ti poe Senen. Kitu piwaloneunana. Beda saratus dalapan puluh darajat jeung poe Saptu atau poe Minggu, poe pikeun urang kumpul riung jeung kulawarga atawa piknik kamana suka. Kutan kitu alatan baraya ceuceub kana poe Senen teh, nya!?
Hampura ah pama kuring boga pamedegan nu beda ti baraya. Kuring mah teu weleh sujud sukur lamun pareng panggih deui jeung poe Senen. Kapanan eta teh tangara yen urang masih keneh dipasihan yuswa ku Mantenna, masih dipaparin kasempetan kanggo kumelip di alam dunya.
Da cacakan lamun Mantenna mundut urang poe ayeuna, mo boa panggih deui jeung poe Senen, mo boa bisa ngumpul deui jeung kulawarga! Atuh saban manggih poe Senen teh kuring mah teu weleh ngucap hamdallah, da mana kitu oge Mantenna masih mercanten kuring pikeun ngalobaan jeung ngerepan ibadah, oge masihan kasempeten pikeun leuwih tutulung ka sasama.
I love Monday! Kuring suka poe Senen!
Kitu kuduna pamadegan teh. Mun baraya micinta lan misuka poe Senen, eta tandana baraya jalma nu bisa sujud sukur ka Ilahi nu masih keneh maparin yuswa. Ku kituna, ulah rek ceuceub ka poe Senen da geuning inyana mah teu salah. Urang bae meureun nu salah, nu tacan tatan-tatan pikeun nyanghareupan pagawean, nu kahayangna nyantai kawas poe Saptu atawa poe Minggu, nu kahayangna leha-leha jeung kulawarga.
Sok ah urang papada boga sikep: I like Monday! Kuring suka poe Senen! Ulah gimir nyanghareupan poe Senen, sabalikna kudu teuneung ludeung nyanghareupanana. (Pepih Nugraha)
Nya memang geus sakuduna kitu, kapanan lamun mahasiswana cicingeun bati cacingeun mah lan taya kagadag, rek kumaha jadina ieu nagri. Tapi naha ketagna mahasiswa jeung rahayat dumadakan melempem kawas kapas kacaian?
Singhoreng media, rahayat jeung mahasiswa gampang pisan disalenggorkeun tina pasualan utama nu keur papada disanghareupan. Isu BBM nu handaruan nepi ka janapriya, dumadakan pareum alatan aya isu nu leuwih panas, isu nu leuwih seksi ceuk barudak kiwari mah, nyaeta isu FPI. Ari FPI teh nyaeta Front Pembela Islam, hiji kumpulan balarea nu ngadeg taun 1998, waktu pamarentah mere lolongkrang balarea pikeun ngadegkeun laskar partikelir. Malum, da pamarentah nu diwakilan ku soldadu siga nu ripuh teu wasa mareuman prahara “Mei 1998″.
Tah basa mipelingan lahirna Pancasila 1 Juni 2008 nu anyar kaliwat, cenah mah FPI nyerang kumpulan balarea nu di antarana panuju kana Ahmadiyah. Ari FPI keukeuh meredih Ahmadiyah dipaksa bubar da cenah geus ngaku-ngaku Islam. Ah, kuring mah mo rek ngabahas pasualan naha Ahmadiyah Islam atau lain Islam, naha ketag FPI teh bener atawa salah. Lain. Kuring mah sakadar ngageuing, naha isu pamadegan gampang pisan nyalenggor, nyalenggor tina isu BBM jadi isu FPI, isu Munaman jeung sajabana. Ari isu BBM na kamana? Padahal undakna harega BBM lin nu matak susahna balarea teh?
Tinangtu nu matak bungah ati mah pamarentah, Presiden SBY jeung wakilna, oge jeung para pakacarna. Atuda rahayat anu sakitu ambek jeung keuheulna kana kaputusan pamerntah ngundakkeun harega BBM, hayoh dumadakan sirna lir bensin kapanasan. Pak SBY jeung Puang Kalla lain wicara BBM ka balarea, tapi wicara FPI. Juruwarta mun panggih jeung para pakacar presiden lain nanya sual BBM, tapi sual FPI. Kaum cendekia pon kitu deui. Kabeh wicara sual FPI, FPI, jeung FPI. Kabeh FPI….
Kuring salaku juruwarta sok ngageuing ka sobat sorangan nu kabeneran keur nyekel jabatan, kade ulah mopohokeun isu BBM, ulah mopohokeun kasusah rahayat. Enya, naon punjulna atuh kuring, ngan sakadar juruwarta biasa, sementara ari kahayang balarea mah kapanan isu nu pangpanas-panasnya, isu nu matak narik ati. Nya taya lian ti isu FPI. Antukna kuring ngan ngaheruk wae. Haharegaan sagala undak. Meuli bensin saliterna kudu Rp 9.800 da teu meunang meuli premium. Sagala susah. Kakara kuring manggihan jeung ngalaman mangsa-mangsa susah nu lain dikieuna, ti mimiti antri BBM, antri gas, antri beas, jeung antri-antri sejenna.
Boa pamerentah mah di istana keur papada pesta salusurakan da ngarasa meunang perang, balakecrakan bari mongtolol-tololkeun ka rahayatna sorangan, bongan gampang disalenggorkeun. Duh….
Deudeuh teuing, naha kuring bakal saterusna bisa ngurus Si kakang kitu, ngajujurkeun manehna nepi ka sawawana, miangkeun manehna nepi ka panggih jeung kahirupanana? Aeh, naha teu gugur teu angin kuring bet ngalantur kamalinaan, mikir nu lain-lain?
Paralun ampun, lain aya kereteg hate pikeun ninggalkeun Si Kakang jeung indungna! Ampun manglaksa-laksa ampun. Kuring mah ngimpleng kitu teh upama geletuk isuk pageto dipundut kunu Kagungan, kapanan geus teu bisa ngajeujeuhkeun deui Si Kakang. Teuing kumaha tah nasibna pun anak teh mun kuring geus taya dikieuna. Enya memang aya indungna, tapi kapanan nu ngala pangapujiwa teh kuring, da bojo mah sakadar teu cicingeun wae di imah digawae teh. Deudeuh teuing Si Kasep mun kuring geus taya dikieuna!
Atuh ari ngado’a satutasna solat teh sok pirajeunan carindakdak, henteu ari nginghak mah. Cimata ngembeng na biwir panon. Si Kakang mah anggur ngahunjur, dikeukeupan ku indungna, dina simbut anu kandel tur haneut, teu nyaho katugenah bapana. Bener, kuring nyiar kipayah atawa pangupajiwa teu sirikna suku dijieun hulu hulu dijieun suku,  kapanan jangeun nyumpunan kahirupan kulawarga. Umur geus nyedek 44, genep taun deui noel satengah abad. Ya Alloh, mugi Anjeun maparin abdi yuswa supados tiasa nyacapkeun itu kanyaah kanu janten beulahan jiwa.
Meureun mun ieu nyawa leupas tina raga, boa aya nu haat rek jajap ka pajaratan sagala. Basa taneuh beureum muruluk mimiti nuruban padung, mendem jasad kuring na liang kubur, boa di luhur mah pun anak, Si Kakang, keur gogoaran nyalukan bapana, kuring tea. “Ayah, ulah ngantunkeun Kakang… Ayah, Kakang ngiring…!!!” Deudeuh teuing, anaking…
Astagfirullah hal adziem, naha ieu ngalamun teh bet kamalinaan, naha implengan teh bet linghas kawas macan saminggu teu kararaban kijang? Astagfitullah…
Tapi da sanajan kitu, hiji waktu mah ieu adegan rekaan nu ngan kumalayang na jero pipikiran teh bakal kajadian, bakal karandapan, ngan waktuna nu masih jadi rusiah Ilahi. Boh karandapan ku kuring, boh karandapan ku salira, dulur-dulur sadayana. Punten sanes maksad nyuatan manah nu tos gudawang alatan saha nu terang kajantena ieu teh parantos karandapan atanapi kaalaman ku salira. Kapanan teu kinteun sedihna dikantun ku jalmi nu pangdipikanyaahna. Hampura, taya maksud nyuat-nyuat pangalaman nu matak nurihan hate. Oge taya pamaksudan pikeun nyingsieunan anjeun. Ieu implengan teh bener-bener sok parajeunan nganjang ka kuring.
Meungpeung aya dikieuna, hayu urang cacapkeun ieu kanyaah; kanyaah nu jadi bapa ka anak, kanyaah nu jadi indung ka anak, atawa kanyaah nu jadi anak ka kolot, ti ayeuna mula. Da geuning upami isuk pageto urang dipundut ku Mantenna, urang mah teu daya teu upaya. Harta jeung banda nu sakitu dipusti jeung dipuja-pujana, ngan tinggal kalangkang da rek ngaragap oge kapanan geus teu wasa upama urang geus dumuk di alam kalanggengan mah. Hayu atuh urang cacapkeun kasono, cacapkeun kanyaah, urang silitulungan, urang siliharegaan ka sasama, sumawonna ku kulawarga mah. Cag.
“Kang Apid mah asa angger wae, awet ngora,” cekeng teh. Walonna, “Enya ari kaayaan mah siga nu ngora, tapi dompet payah, kapanan buntut Akang mah aya lima,” kitu cenah.
“Ih kudu sujud syukur atuh, Kang, eta rejeki salima-lima,” ceuk kuring. “Balikanan kuring ngan boga hiji-hijina, si Kakang.”
Sanajan kuring rada loma kasebutna, tapi hubungan kuring jeung Kang Apid kaitung raket. Beda jeung paman-paman kuring ti pihak pun bapak. Komo jeung Kang Apid mah kuring pernah ngalaman hirup mo kapopohokeun, nyaeta basa kuring diajak ngiridit ku inyana.
Harita taun 1975, kuring keur kelas opat SD harita teh. Ari Kang Apid geus ngumbara ka Jakarta dan pakasabanana kana ngiridit. Ari kuring ka Jakarta sok pareng dina catur wulan. Pere dua minggu teh sok dimangpaatkeun pikeun liburan ka pun Emak, nini ti pihak  pun biang, nu duanana tos almarhumah. Pareng ka Jakarta, kuring sok ngahaja menta dipangjajapkeun ka Gang TSS, Kampung Duri, di Jakarta Barat, tempat Kang Apid jeung paman-paman ngontrak.
Miang jeung Kang Apid teh sanggeus solat subuh, digubrag-gabreg. Kalacat kana sapedah. Kuring dibonceng ku Kang Apid. Dina sapedah rambeuy ku dagangan. Kang Apid meuli barang ti tauke, tulus dikiriditkeun nepi ka nikel aya tilu nepi ka lima kali. Teu kuring mah teiu gengsi, harita mah resep we dibawa ngiridit nepi ka Pasar Ikan di Jakarta Utara. Kira-kira jam dalapan, kuring diajak sarapan ku Kang Apid. Inget keneh jeung lauk laut lada pisan. Malah nginumna oge kopi susu. Ni’mat pisan.
Pabeubeurang, kuring nepi ka Pluit nu harita mah keur diwangun. Aya tukang ci tiwu, kuring dipangmeulikeun deui, nepi ka datang ka imah di Gang TSS teh bada Maghrib. Jang kuring mah diajak ngiridit ku Kang Apid teh hiji pangalaman nu luar biasa, no mo kapopohokeun.
Ka beh dieukeun, aya meureun taun 1987-an, Kang Apid  balik ka lembur. Cenah mah ngiridit teu kaharti, mending nyawah di lembur. Oge di tipu ku jalma saliwatan nu mesen barang loba pisan, tapi isukanana pareng ditagih teh geus pindah. Harianeun.
Ayeuna Kang Apid geus di lembur. Pareng basa kuring pamitan, Kang Apid ngaharewos, “Amang mah resep batminton, cing pangmseserkeun reket nu rada hade ti Jakarta.”
Insya Allah, Kang, pamundut Akang ditedunan!
Dalah profesor turun ti langit ka dalapan oge (mun aya kitu oge) moal aya nu bisa memener Jakarta, geus komo ari gubernur Fauzi Bowo mah. Pastina oge inyana teh keur pusing nu nataku alatan kudu mulangkeun deui modal nu kapake basa kampanye pikeun milih gunernur anyar. Rek kumaha pilampaheun tah?
Jakarta mah rubakna teh aya meureun sakota Bandung mah, rada rubak meueusan. Geus meh 18 taun kuring ngumbara di ieu kota. Nyaan teu betah. Betah keneh di lembur di Ciawi Tasikmalaya, anu anggangna 300 kilometer ka beulah wetankeun. Tapi dalah kudu dikumaha da geuning pakacapangan kuring salaku wartawan koran Kompas kudu maneuh di ieu kota. Lain pedah kuring sarwa kakurangan. Ari rejeki mah da tara dibongan-bongan atawa di nanaha. Sok sanajan saeutik oge, sanajan koreh-koreh cok ceuk kolot tea mah, tetep we ditarima bari jeung ngedal jajakallah khoeron katsiron.  Nuhun, Gusti!
Ras ka sasama anu tacan tepung jeung kasugihan tur kamakmuran di Jakarta, teu saeutik nu tikudawes kahirupan, lolongseran jeung kokosehan dina leutak kamalaratan. Lain pedah kuring ngarasa jadi jalma aya, paralun. Ieu mah ngan sakadar cecekelan hirup kuring nu tara salawasna tanggah ka luhur. Geura we, pareng rek indit gawe, sok pirajeunan nalingakeun di luar rabengna nu mulung, nu jumlahna bet asa ngareaan ti waktu ka waktu.
Di unggal pengkolan rajeg nonoman nu disebut “polisi cepe” tea, jalma nu purah meuntaskan mobil ka jalan utama. Baheula mah disebutna teh polisi cepe alias polisi nu cukup diupah saratus perak wae. Kadieunakeun mah geus arang duit receh saratus perakan. Dina ayana oge dua ratus (nope) atawa lima ratus (gope). Nya kuring teu bisa ngananaha, geus komo ari mupuas mah, kapanan maranehanana teh dulur kuring oge, sabangsa tur salemahcai.
Naon pangna polisi cepe jeung nu mulung beuki euyeub? Kuring kungsi nyaliksik pikeun piwaloneunana. Hiji mangsa, kajurung ku tugas pikeun neuleuman kahirupan jeung para pamulung barang-barang uurutan atawa rongsokan, kuring nganjang ka hiji paimahan walurat nu nempel na benteng Bintaro Jaya, Jakarta. Beu, boa urang Bintaro mah taya nu nyaho aya naon di satukangeun benteng beton imahna. Di dieu aya kahirupan, kahirupan para pamulung.
“Ari janten tukang pulang pulung mah teu kedah gaduh kaparigelan nanaon, teu kedah gaduh modal, modal ingkig jeung kahayang bae,” kitu cenah walon salah saurang pamulung, nu wastana ku kuring dirusiahkeun, basa kukuring ditakon naon pangna jadi tukang pupulung. Inyana urang Indramayu, dulur urang keneh.
Enya ari kitu tea mah. Jung miang ka Jakarta bari teu mibanda kaparigelan, geus tangtu salah-salah mah jadi tukang pupulung atawa polise cepe. Singhoreng pamulung oge boga kahirupan, boga dunya sewang-sewang. Sarua marahenana oge boga kulawarga, boga anak sakolakeuneun, jeung nu penting mah boga raga parabaneun. Cenah mah ari indit gawe teh sok ti jam tilu peuting, kalan-kalan jam hiji peuting oge geus miang mamawa kantong plastik orea jeung ganco paragi nyukcruk bubututan. “Bisi kaburu dikorehan ku anjing atawa ucing,”kitu alesanana taya nu disumputsalindungkeun.
Baheula mah, kitu cenah ceuk manehan, warga nu araya nu dumuk di paimahan mewah teh masih keneh ridoeun wadah atawa kotak runtahna dikorehan ku nu pupulung. Ka beh dieukeun sanggeus usum maling turta nu pupulung keuna geutahna, unggal kotak runtah hareupeun imah sok digembok tur disosi pageuh pisan. “Alesanana no boga imah mah cenah bisi dikorehan  ku sato. Lain  ku sato meureun, ku kuring jeung ku tukang pulung lianna,” kitu cenah.
Deudeuh teuing, kuring ngarakacak. Nulungan ku banda teu bisa. Tapi nya nulungan ku cara kuring sorangan, nyaeta nulis carita kahirupanana di koran Kompas, susuganan bisa jadi panggeuing. Susuganan we jalma nu geus panggih jeung kahirupan mah ulah owel ku wadah runtah sagala.
Keun bae di koreh-koreh anjing atawa ucing mah, da geuning aya deui nu kokoreh batan sato, nyaeta sabangsa urang oge, jalma nu pupulung tea. Keur nu jaregud mah runtah teh runtah wae, barang nu taya haregana. Tapi keur dulur-dulur urang mah, nu pupulung, runtah teh bisa numbu umur pikeun neruskeun kahirupan.
Ieuh jalma aya, hayu urang papada ngaragap rasa sasama. Pilakadar runtah. (Pepih Nugraha)
KALEKED, mumul, ngedul, jeung beurat birit, ieu teh mangrupa panyakit “jiwa” nu bisa tumerap ka saha wae, kaasup kuring. Disebut panyakit “jiwa”, lain pedah matak bisa ngajadikeun jalma gelo atawa kurang saeundan kaditunakeun. Tapi ieu kasakit nu hese san obatna teh kudu ditarekahan piubareunana. Ngingu ieu kasakit diri, tinangtu bakal hirup sangsara jaga. Cik titenan, kapanan geus rea pisan contona dina kahirupan sapopoe.
Pirajeunan maca carita pondok lawas kenging para bujangga Sunda, bet pepel ku conto kahirupan sapopoe. Sipat mumul jeung kedul, geus remen dijadikeun tema tulisan. Tapi da angger taya bosenna munasabah pagilinggisik jeung kahirupan urang sarerea. Hiji lalaki, upamana, keleked miang digawe. Isuk-isuk kalah ka morongkol na enggon tibatan meresihan doran cara nu lian.
“Cik Kang geura ingkah ti imah nyiar kipayah, itu si Ujang perlu biaya sakola. Si Nyai pon kitu deui. Ari urang rek dahar naon pabeubeurang? Kapanan boboko sakitu ngoletrakna teu remeh-remeh acan,” kitu panggeuing tinu jadi pamajikanana. Batan jung miang muru sawah, anggur kalahka nyenggekeun bujur. Dut hitut tarik naker minangka pangjawabna. Nurustunjung!
“Ah teu purun, Nyi, rejeki mah engke ge datang sorangan. Pikeun dahar beurang mah anggursi nginjeum ka tatangga saheulaanan, keun engke digantian. Tong ganggu, Akang rek nyare deui!” kitu pangwalonna. Euleuh euleuh, cenah rejeki teh datang sorangan? Rek datang kumaha mun teu disiar jeung teu diguar? Na bet asal calawak, abong biwir teu diwengku!
Coba we lenyepan carita Kabayan nu biasa digambarkeun mumul jeung kedul, nu pagaweanana sapopoe kerek jeung nyegrek. Sabenerna mah eta teh pikeun ngagambarkeun hiji pasipatan jalma nu lain picontoeun urang. Sanajan ka beh dieunakeun sok disalahartikeun, cenah mah urang Sunda teh mumul jeung kedul caran Kabayan. Saratus persen kuring teu panuju. Ayana pasipatan caran si Kabayan soteh malah pikeun eunteung urang sarerea.
Ari niat usaha mah ulah ngagugulung mumul jeung kedul, kudu rancingeus. Ngudag rejeki kudu jauh di jugjug anggang diteang, caran urang ngudak bebene. Ulah caran lalaki tadi, teu inget ka anak-pamajikan, ngan sakadar ngagugulung karepna sorangan. Lalaki samodel kitu mah nu disebut teu tanggung jawab tea, nu teu sadar kana kawajibanana salaku tihang kulawarga. Tong boro tanggung jawab ka anak pamajikan, dalah pikeun dirina oge boa teh teuing.
Ras inget kana paribasa urang Bugis-Makassar. Naon pangna kuring jauh-jauh mawa paribasa deungeun ti sabrang samudera? Pedah we kuring kungsi dibenum di Makassar salila dua satengah taun nyekel Indonesia wetan, ti mimiti 1 November 2001 nepi Mei 2004, nu satuluyna ditugaskeun deui di Surabaya nepi ka April 2006. Tuh, kapanan nyiar kahirupan teh teu sirikna jauh dijugjug anggang diteang. Tapi lain ngudag bebene, kapan kuring geus boga anak-pamajikan. Da mun seug ngagugulung kateuparurun gawe mah boa kuring geus ditajong ti ieu pausahaan.
Cenah ceuk paribasa Bugis-Makassar, nu kungsi diajarkan ku sobat dalit kuring di Makassar nu wastana Kiblat Sa’id: “Leuwih hade hudang batan nyanggere, leuwih hade nangtung batan diuk, leuwih hade ingkah batan nangtung bae”. Kitu unina. Poho deui basa Bugis-Makassarna mah, ngan hartina kurang leuwih ti kitu. Meureun aya babasan na basa Sunda oge, tapi tug nepi ka denget ieu kuring can kaparengkeun pinanggih.
Sok sanajan eta teh paribasa deungeun-deungeun, geus komo kapanan Bugis-Makassar teh sarua dulur urang keneh, taya gorengna mun urang mulungan conto nu hade pikeun pipeureunian hirup urang. Sugan we teu salah lengkah. Da salah-salah ngalengkah jeung teu parigel ngigelan jaman mah geuning hirup kadungsang-dungsang, katalangsara, taya banda tatalang raga.
Gusti, mugia ieu pasipatan teh sing anggang ti urang sarerea, ingkah ka ditu ka Malausma! (Pepih Nugraha)
PARENG kuring balik ti pagawean, indung budak pesen. Cenah mah si Kakang, pun anak, hayang dipangmeulikeun martabak. Biasa ari balik ti pagawean sok nengah peuting teu sirik unggal poe, iwal ti poe Minggu. Dalah aya kajadian aheng mah poe Minggu oge kapaksa digawe. Malum, pagawean juruwarta mah kapanan kasebutna 24 jam.
Ari kantor surat kabar Kompas, tempat kuring nyiar kipayah, pernahna di Palmerah Selatan, Jakarta Pusat, pagigir-gigir jeung gedong DPR. Ngan dipisahkeun ku rel kareta api nu ngembat ka Kota nepi Rangkasbitung, terus ka Merak di wuwuhan Cilegon. Teu karasa, geus aya tujuhwelas taunna kuring nitip diri ka Pak Jakob Oetama, nyeta nu boga pausahaan.
Na bet kapapanjangan nguruskeun pagawean. Urang balik deui ka martabak, kueh nu baheula mah wajib dipurulukan bubuk suuk jeung gula bodas sememeh dipanaskeun. Ari nyebut martabak teh sok pirajeunan inget ka mangsa ka tukang, mangsa kuring balaka hideng taun tujuhpuluhan.
Pun bapa, nu harita masih ngajar di sakola dasar, kungsi boga kenalan urang Pangandaran nu dagang martabak di alun-alun Ciawi, Tasikmalaya. Tapi geuning da teu junun. Teu kungsi lila, usaha dagang martabakna lekasan, samalah mah citakan waja pikeun martabak dititipkeun di imah jenatna nini-aki kuring di Kebon Suuk nu dikontrak ku kolot kuring. Tapi nu sainget, kuring kungsi dibawa ku bapa ka Pangandaran basa umur nincak tilu taun. Oleh-olehna, nyeta kasakit bronhitis. Malum da paru-paru kuring tacan kuat nahan kuatna angin laut basisir Pangandaran.
“Kakang palay dipangmeserkeun martabak, nu asin sareng nu amis,” ceuk pun bojo basa kabeneran balik bareng ti panggawean. Enya poho can kaciratakeun, bojo oge sarua nyiar kipayah di pausahaan Pak Jakob da jodo pinanggih di ieu tempat tug nepi ka boga Si Kakang nu ayeuna menta martabak.
Reg mobil nyisi basa aya tukang martabak di sisi jalan, lepas ti makam geledegan Tanah Kusir. Jrut boko turun, pesen ka si Emang nu dina plangna nyebut diri “Martabak Bandung”. Teu kungsi lila, martabak asin jeung martabak amis pesenan budak geus asak. “Sabaraha?” cekeng the basa bojo geus diuk deui di gigireun setir. “Tilupuluh opat rewueun sadayana,” walonna.
Tilupuluh opat rewu? Lain duit saeutik. Ketang gumantung timana ngilikanana. Meureun ceuk nu jegud mah kasebutna duit receh. Tapi pikeun kuring mah gede ajenna.
“Urang mah kudu asak-asak sukuran nya, Tri,” cekeng teh ka bojo, “Baheula mah Aa keur leutik meuli martabak teh kasebutna meuli barang mewah.” Bojo nu ku kuring biasa dicaluk “Tri”, nyeta kapondokan tina ngaran Tantri, teu nempas. Meureun tacan neuleuman kamana nya mesatna jamparing kakocapan diri tina gondewa hate.
Sabaraha haregana beas sakilona? Gitik rata lima rewu sakilona. Meureun duit sakitu teh cukup pikeun tujuh kiloeunana. Pareng mun keuna ka hiji kulawarga dua anak nu perlu dua kilo beas sapoena, meureun duit sakitu teh cukup jang tilu poeun. Leuheung martabak, kapanan kuring mah sok pirajeunan nginum kopi Starbucks nu sacangkirna tilupuluh tilu rewu, ngan saukur saglekkeun, sadetik nimatna liwat genggerong, satuluyna mah jadi hampas.
Sok sanajan kuring aya dina kaingetna ka jalma nu teu boga, boh dina zakatna atawa fitrahna, tetep we kuring mah masih sok parajeunan bundang-banding lamun ngeunaan haharegaan. Malum wae da baheula hirup kuring teh basajan naker.
Ah, pungkas we ieu gerentes hate teh, da geuning mobil geus nepi ka hareupan imah di Bintaro. Beubeulahan hate, si Kakang, nyampak muka panto jeung baturna, Dani, sanajan wayah geus meh pukul sawelas peuting. “Ayah, mana martabakna?” pokna. Kuring ngawalon, “Tuh di Bunda, Kang.” (Pepih Nugraha)
CENAH mah rejeki teh geus dipasi-pasi ku Gusti, geus dibagi-bagi ku Ilahi. Tapi sanajan kitu, lain hartina urang serah bongkokan kana nasib, tumarima kitu wae tanpa daya. Narekahan kahirupan jeung ngahontal pangupajiwa geus jadi kawajiban sewang-sewang manusia nu kumelip di alam dunya. Tanggung jawab, eta koncina. Boh tanggung jawab ka diri, kuluwarga, baraya, atawa ka sasama.
Tapi nya kitu geuning pangersa Pangeran mah teu tiasa dipungpang, sanajan ari upaya mah sabisa-bisa ditarekahan. Cek babasan mah suku dijieun hulu, hulu dijieun suku, tisusut tidungdung, tapi kahirupan taya menyatna. Ih, poma ulah sok ngarasula. Sanajan tumarima, ari narekahan kahirupan mah tetep wajib hukumna.  Gagal ku hiji usaha, coba usaha nu lianna.  Ulah peunggas harepan. Pangeran mah sok muka jalan pikeun jalma nu daek usaha.
Mun geus pinanggih jeung kahirupan, poma ulah poho ka wiwitan. Anggur geura sujud sukur ka Pangeran nu murbeng alam. Kudu inget basa keur taya dikieuna, lieuk euweuh ragap taya. Ulah kena-kena keur aya salieuk beh, bru di juro bro dipanto ngalayah di tengah imah. Kapanan ari harta jeung pangaboga mah ngan sakadar titipan, sanajan menang ngahontal ku rupa-rupa pangorbanan. Reumbeuy ku pangala, ari waktuna mangkat mah kapanan taya nu bisa dibawa salian ti amal jeung salambar boeh nu mulen jasad ngalempreh.
Pondokna, kudu asak-asak ngarampa hate sasama, upamana jalma nu teu boga. Omat ulah boga pikiran, “Ah keun we antep nu teu bog amah, sina usaha heula. Urang ge bisa nyiar kahirupan teh lain karana maranehanana.” Pernah teu kira-kirana urang ngarampa hate sasama nu salawasna hirup di kolong jambatan, emperan toko, atawa trotoar jalan? Atawa jalma nu dumuk na tenda-tenda pangungsian alatan keuna balai atawa karerepet. Sedeng urang genah sare tibra na handapeun simbut bulu, dina kasur hipu.
Cikan sakali-kali impleng mun pareng keur ngagebret hujan kapeutingnakeun. Memeh ngarapetkeun bulu mata na wirahwa cihujan, impleng sasama nu kabulusan di kolong jambatan atawa trotoar jalan. Geura pungkas barangdahar samemeh kamerekaan, inget ieuh ka sasama nu keur nahan lapar . Inget ka sasama nu meh paragat nyawa alatan kasakit nu teu bisa kaubaran, sementara urang keur titeuleum na pesta lan poya-poya.
Cindekna, urang kudu asak-asak ngarampa hate sasama da hirup mah kapan tara salawasna aya di luhur. Sugan we nu lian ge bisa ngarampa hate urang mun pareng urang pinanggih jeung karerepet, mun pareng roda kahirupan keur ngarayap di handap. Roda padati kahirupan mah salawasna muter taya capena nepi ka urang dipundut ku Mantenna. (Pepih Nugraha)
RAS inget ka jaman ka tukang, jaman kuring keur resep nulis, kungsi aya hiji mangsa sok pirajeunan nganti-nganti honor tulisan. Mangsa kira-kira antara taun 1981 nepi ka taun 1989 meureun. Baheula mah ari nulis teh na Majalah Mangle nu honorna kaitung leutik. Geura we hiji tulisan Pangalaman Para Mitra, salah sahiji rubrik na eta majalah, ngan dihargaan Rp 1.000. Pareng mun carita pondok (carpon) dimuat, nya honorna undak jadi Rp 10.000.
Naha kuring nepi ka nyebut honorna leutik? Tuda ngababanding mun kuring narima honor ti koran atawa majalah basa Indonesia. Saupamana wae, mangsa harita honorna cerita pendek (cerpen) Majalah Bobo Rp 25.000. Malah dina sabulan aya dua cerpen kuring nu dimuat, acan ti koran sejenna da kuring mah kaasup rajin nulis. Pareng kuring keur ngetik make mesin tik Brother peuting-peuting, indung kuring nu sok ngeling-ngeling. “Aa, tos wengi, enijing deui ngetikna!”
Puguh we duit sakitu teh harita mah teu bisa direken saeutik, da ongkos hirup pikeun kuliah di Bandung wae Rp 60.000 sabulan na teh. Upama seug aya dua cerpen atawa tulisan lianna nu dimuat, tangtu geus katutup tah ongkos hirup. Ti dituna mah diajar nyiar kahirupan, sugan we ku cara nulis kuring bisa ngahontal langit kamaslahatan.
Malah kungsi waktu pun adi nu pangleutikna gering, si Ceuceu, almarhumah Emih, nyaeta indung kuring, nyalukan. “Ieuh tempo budak bisi paeh, bawa ka dokter atuh!” Ah, da harita mah duit na dompet teh aya kana saratus rewuna. Jung indit mawa adi nu harita mah umurna kakara opat taun meureun. Duh, mana asa jadi “jelema” we harita dumeh ngarasa geus bisa ngaluarkeun duit meunang ngala sorangan jangeun ongkos ngubaran adi.
Pareng mun nyanghareupan puasa atawa lebaran kawas kiwari, sok aya pangharepan mudah-mudahan meunang honor nu munel. Atuh si Awang atawa si Dao, anakna tukang pos nu sok biasa nganteurkeun wesel, jadi pribadi nu teu weleh dianti-anti. Enya lamun kaparengkeun loba tulisan nu dimuat mah dompet teh sok asa metet. Tapi pareng keur butuh duit jang jajan atawa piken mere ka adi-adi, tulisan euweuh nu kapake, nya nyamos atuh. Lain kalahka honor nu katarima, tapi naskah tulisan sorangan nu dibalikkeun atawa “retour”. Duh, kahirupan!
Harita ge geus kapikir, naha kuring bisa kitu hirup ngandelkeun tina hasil nulis? Tuda kucara kitu mah ngan saukur miharep jeung miharep bae. Malah Emih mah pok wae nyarios, “Aa mending jadi dosen wae, koreh-koreh cok. Kapanan emih jeung apa wae cacakan saukur guru SD, teu wudu bisa nyakolakeun budak di paguron luhur!” Cenah mah, kitu kolot mipelingan, sajaba ti jadi dosen kuring bisa bari tulas-tulis. Cindekna mah, ngarojong waelah kabisa kuring dina widang nulis mun kuring jadi dosen teh.
Tapi dasar kuring. Harita kuring ngukur, gajihna dosen golongan IIIA teh ngan diupah Rp 60.000 sabulan, acan kudu ngaliwatan heula asisten dosen nu lilana satuan-dua taunna, tacan dibenum, sanajan enya engkena gajih dirapel. Ih, lain koreh-koreh cok atuh kieu mah. Kudu lila pisan kokorehna, katurug-turug kuring geus nyaho pangaji duit da sok pirajeunan nampa honor tea. Antukna kuring banting setir we ngalamar gawe di koran Kompas. Alhamdulillah katampa, sanajan basa asup mah cecekelan kuring pustakawan. Ahirna, kuring bisa nepi ka jadi wartawan, nepi ka kiwari.
Tapi hiji perkara nu ku kuring masih kaimpleng, nya piwejang Mamih, pun biang tea, cenah mah hirup teh leuwih hade koreh-koreh cok! Ieu teh prilaku hayam, da hayam mah tara ieuh kalaparan ku lantaran sok rajin kokoreh. Mun manggih pare atawa beas hasil kokoreh, nya langsung diteureuy. Kasawang, nu penting hirup cukup, teu hese beleke neangan gawe. Meureun digawe di Kompas oge satutasna kuliah tahun 1990, nepi ka kiwari tetep kasebutna koreh-koreh cok. (Pepih Nugraha)